PAJOANG TI SINGACALA
PAJOANG TI SINGACALA.
---
Rekacarita ku: Ki Damar Giri
13082021-14:20
Bubuka
Singacala teh ngaran buhun Karajaan Panjalu. Sahenteu-henteuna dina abad 17 an ngaran Singacala teh masih dipake dina rupa-rupa naskah sejarah, sok sanajan can kapanggih timimiti iraha percisna ngaran Panjalu dipake gaganti ngaran Singacala. Da dina babad Panjalu oge, geus langsung ngabahas harti ngaran Panjalu tina asal kecap "jalu" anu maknana kejantanan (maskulinis).
Dina judul diluhur, ditulis Pajoang ti Singacala, ngadung harti yen ti Panjalu aya nonoman anu janten pajoang ngalawan kadzoliman kumpeni dimimitian hempak ti wilayah Jampang tug nerekab kasakuliah Priangan. Nonoman eta katelah nami Raden Prawatasari atanapi lengkapna Kiyai Haji Raden Alit Prawatasari. Di wilayah Jampang sareng Cianjur mah kasohor ku nami "Raden Alit" atanapi "Haji Alit" atanapi "Dalem Alit".
Naon margina Raden Prawatasari janten katelah nami Raden Alit atanapi Haji Alit?
Sesepuh Sejarah Cianjur ngadugikeun, yen sohorna nami Raden Alit atanapi Haji Alit, dimungkinkeun ku dua hal. Kahiji, mungkin pedah Raden Prawatasari janten putra bungsu atanapi putra pangalitna. Kadua, mungkin oge pedah tabeat jeung kabiasaan Raden Prawatasari, sanajan menak resep campur dina kahirupan cacah, somah atawa jalma leutik atawa jalmi alit. Mun ceuk bahasa politik ayeuna mah disebut baur jeung "wong cilik".
Tina sejarah Cianjur disebatkeun yen Raden Alit teh teureuh Karajaan Singacala atawa Panjalu, nyaeta turunan Rahyang Kuning. Sedengkeun numutkeun babad Panjalu, Rahyang Kuning teh putrana Prabu Borosngora. Ari Prabu Borosngora putra nu kadua ti Prabu Cakradewa. Prabu Borosngora kuanjeun kagungan putra dua nyaeta Rahyang Kuning sareng Rahyang Kencana.
Tapi boh sejarah Cianjur atawa babad Panjalu teu ngajelaskeun anu dimaksud "turunan" dina kecap Raden Alit Turunan Singacala teh, naha anak, atawa incu atawa buyut. Da lamun disimpulkeun yen Raden Alit "putrana" Rahyang Kuning mah, asa tebih pisan masa hidupna. Raden Alit mah panginten gebregan nana Aria Sumalah.
Memang logis lamun Raden Alit nu aya di Jampang nyebutkeun turunan Panjalu mah, sabab kaitan sejarah Panjalu jeung Jampang kacida eratna jeung Prabu Borosngora ku anjeun bubuara di Jampang kalawan Gelar Haji Jampang Mangun. Aya deui, anu ceuk kuring mah lain kabeneran, di Jampang aya ngaran Desa Panumbangan sarua jeung Desa Panumbangan (desa urang) anu deukeut Panjalu.
Aya deui anu dimasalahkeun teh. Dimana Raden Alit dilahirkeun?
Tina masalah eta aya tilu pendapat anu beda, nyaeta:
1). Pendapat nu nyebutkeun Raden Alit dilahirkeun di Panjalu.
2). Pendapat nu nyebutkeun Raden Alit dilahirkeun di Cianjur.
3). Pendapat nu nyebutkeun Raden Alit dilahirkeun di Jampang.
Nepi ka ayeuna masalah eta masih kontroversi jeung euweuh data nu bisa netralisir, sehingga Raden Alit aya nu nelah Aria Salingsingan. Anu hartina Aria nu simpang siur jujutanna.
Dina pedaran di dieu mah moal condong ka salah sahiji pendapat, lantaran dimana wae Raden Alit dilahirkeun, kabeh pihak tetep aya paham nu sarua yen Raden Alit teh teureuh atawa turunan Panjalu.
Kahirupan Raden Alit teh keur zaman "kumpeni" (sesebutan pribumi ka bangsa Walanda). Nyaeta anu aya dina rengrengan Verinigde Oostindische Compagne (VOC). Letah pribumi teu biasaeun maca anu bener tina Compagne, bisa soteh nyebut Kumpeni wungkul.
Padahal waktu zaman Raden Alit mah, VOC teh geus bubar, tapi urang pribumi mah tetep nyebut Kumpeni ka tiap urang Walanda teh.
Dina waktu harita nu ngajalankeun kakawasaan khususna di tatar Sunda, geus aya dina leungeun Pamarentahan Hindia Belanda atawa Nederlandscheindie dipimpin ku Gubernur General (GG). Karajaan-karajaan di tatar sunda aya dina pangawasaan langsung Gubernur General Hindia Belanda. Anu jadi sabab, lantaran karajaan-karajaan di tatar sunda anu samemehna jadi karajaan vasal Mataram, dumasar Perjanjian Hindia Belanda jeung Mataram tanggal 5 Oktober 1705, ditangtukeun yen sakabeh wilayah Jawa Barat iwal ti Banten ragrag (dibikeun) kana tangan kakawasaan Kumpeni.
Saterusna, jang "mengawasi" jeung "memimpin" para Bupati di Priangan, dina taun 1706, Gubernur General Joan Van Hoorn ngangkat Pangeran Arya Cirebon salaku Opziter atawa Pemangku Wilayah Priangan.
Gubernur General Hindia Belanda netepkeun para Bupati jadi pelaksana Agen Verplichte Leverantie atawa Agen Penyerahan "wajib tanaman komoditas perdagangan, seperti Kopi, Indigo, Tiwu, Cengkeh, Pala, Pedes jeung beas".
Sanggeusna VOC bubar, karajaan Nederland kabeungbeuratan kudu mayar hutang urut karugian Usaha Dagang anu samemehna dijalankeun ku VOC. Atuh Gubernur General teh kudu satekah polah ngagali sumber daya alam di tanah jajahan saoptimal mungkin.
Loba sistim-sistim anu dijalankeun ku Hindia Belanda bisa ngeduk kauntungan anu kacida gedena, bari jeung jang Inlander mah hirupna katekan kukasangsaraan jeung kalaparan. Cultur Stelsel jeung Preanger Stelsel sabenerna geus ngadatangkeun hasil anu "berlimpah ruah" jang penjajah, tapi nyeret penderitaan jeung kalaparan bagi pribumi.
Perlawanan Raden Alit dimimitian waktu kumpeni maksa rahayat Jampang kudu nyiar jeung nyetor Walirang anu jumlahna loba. Ngala walirang ti Gunung Gede teh lain pagawean gampang. Boros ku ongkos hambur tanaga, bari jeung hasilna diregakeun murah pisan. Tong boro aya leuwihna jang kahirupan, jang biaya ongkos oge teu picukupeun. Antukna parentah kumpeni geus pasti moal bisa kacumponan.
Salian ti eta, kumpeni kalawan ngagunakeun kakawasaan Pamarentahan Hindia Balanda, ngalaksanakeun tanaman paksa di Priangan (Preanger Stelsel) dimana masyarakat dipaksa melak Kopi jeung Indigo, kalawan hasil tatanen na kudu dijual ka kumpeni ku harga anu geus ditangtukeun kalawan kacida handapna.
Kuayana dua hal eta, rahayat Jampang khususna, rahayat priangan umumna, jadi sangsara tur walurat. Lain bae loba nu paeh kalaparan, tapi loba oge nu paeh ditandasa kumpeni lantaran dipaksa kudu tatanen di perkebunan bari geus teu kaburu kudu nyiar kipayah jeung ngolah tanah sorangan.
Kaayaan seperti kitu, maksa nurani Raden Alit ngayakeun tindakan ka kumpeni. Dikawitan anjeun na ngintun serat ka Bupati Cianjur, menta supaya sistim tanaman paksa teu dituluykeun.
Ari pihak kabupaten, sanajan aya katalian saderek ka Raden Alit, tur salaku pamarentahan lokal sabenerna apal percis kana kasangsaraan nu jadi rahayatna, tapi teu bisa pajar kumaha da mangaruhan kana prestasi jeung konditeu gawe, anu akibatna bisa dipecat. Tuntungna Juragan Bupati sareng Raden Alit gorgar ampir rek dugalan pati.
Kebijakan Pamarentah Hindia Belanda teh estu jadi beban kana kahirupan rahayat leutik, akibatna dina taun 1703 aya huru hara anu digerak keun ku Raden Alit atawa Raden Haji Prawatasari, saurang menak Cianjur teureuh Panjalu asal ti Jampang.
Kasang Tukang Perlawanan Raden Alit
Ayana tokoh Raden H. Prawatasari teh lain mitos atawa carita nu dijieun-dijieun tuna fakta. Tapi peristiwa anu marengan perlawanan Raden Alit ka pihak Walanda bener-bener kajadiannana, sarua jeung ayana Perang Dipenogoro (1825 - 1830) di tatar Jawa. Malah ceuk pamanggih para ahli sejarah sunda mah, nyebutkeun yen Perlawanan Raden Alit ka kolonial Walanda leuwih gede jeung masif dibandingkeun jeung Perlawanan Raden Mas Antawirya*) anu lumangsung 102 taun saenggeusna.
Ceuk sumber sejenna ngajelaskeun yen Pamarentah Hindia Belanda ngaluarkeun anggaran anu jauh leuwih gede jang numpas "Perlawanan"**) Raden Alit, tibatan biaya ngarengsekeun Perang Dipenogoro.
--
*) Di Jawa disebut Raden Mas Ontowiryo nyaeta nami sanesna ti Pangeran Dipenogoro.
**) Kumpeni mah nyebut Pemberontak atawa Rampok atawa Karaman.
Sahenteu-henteuna aya sababaraha dokumen jeung arsip-arsip dina bahasa Walanda anu medar "sepak terjang" menak sunda anu miboga ngaran keur leutik Raden Alit.
Arsip-arsip eta, pernah dinukil ku Jan Breman, salah saurang sejarawan Belanda nu kawentar, dina buku "Keuntungan Kolonial dari Kerja Paksa; Sistem Priangan Dari Tanam Paksa Kopi di Jawa, 1720-1870".
Breman nyebutkeun yen Haji Prawatasari mangrupakeun “ulama fanatik” nu mampu ngagedurkeun semangat perlawanan ka urang deungeun di luar agamana atawa kafir.
Dina taun-taun mimiti nincak taun 1700 an, gerakan Raden Alit nimbulkeun gangguan gede di sakuliah Priangan, catur Breman.
Gerakan perlawanan rakyat nu dialpukahan ku Raden Alit teh henteu ujug-ujug " meletus" kitu bae, tapi milaku nuturkeun waktu, numpuk kasangsaaraan nu randapan rahayat unggal mangsa lantaran kadzoliman nu dipigawe ku kumpeni. Ceuk bahasa keren na mah "Gerakan Raden Alit mangrupakeun komulasi ketidak puasan pribumi ka penjajah.
Huru-hara nu digerakkeun ku Raden Alit teh, ngabadug kepentingan Kumpeni di wilayah Priangan,
utamana dina numpuk kautungan tina pelaksanaan Preanger stelsel.
Tindakan gede wawanen Raden Alit teh jadi ngabuntut panjang, jadi ngahudangkeun amarah kumpeni. Anu saterusna Kompeni ngisolasi lengkah Raden Alit tur ngancam ka para gegeden jeung kasaha oge supaya ngajauhan Raden Alit.
Gubernur General Joan Van Hoorn ngirim surat ka para Bupati anu eusina:
Zij (de regenten) zullen vooral de quade menschen en roovers of oproermakers als den Paap Prawata en alle vijanden van de Comp. en ‘t Cheribonsche rijk uit haar landen moeten weeren, en alle dezelve, ‘it zij heevende of doot san den Pangerang Aria Cheribon of te de Comp. Gezaghebber op Cheribon overleeveren. Op poepe van andere selven daar over te sullen worden gestraft en uit haar gezaggezet”.
Saha saleresna Raden Alit ?
Nepi ka ayeuna can aya penelitian sajarah anu mastikeun shahehna silsilah Haji Alit Prawatasari. Pasuliwerna pendapat nu kajadian ayeuna, lantaran lolobana make sumber tutur tinular, nyaeta carita atawa tutur anu ditularkeun ti luhur ka katurunan na.
Nurutkeun tutur tinular yen Raden Prawatasari ngarupakeun menak katurunan raja Singacala. Tapi aya oge anu "keukeuh" panatik dina pendapatna yen Raden Alit katurunan Cianjur. Sarua jeung pengkuhna pendapat nu nyebutkeun turunan Jampang. Malah kadieunakeun aya pendapat yen sabenerna anjeuna turunan karajaan Sumedanglarang.
Ari ceuk kuring mah, kabeh pendapat teh aya benerna, sabab lamun ditalungtik sajarah karajaan baheula di tatar sunda, hampir kabeh Karajaaan aya patali kulawarga. Hal eta kusabab baheula karajaan-karajaan umumna, karajaan di sunda khususna ngagunakeun "perkawinan" jang ngalanggengkeun kakawasaan.
Bisa bae, Raden Alit teh bener putra Dalem Cikundul ti Cianjur, tapi aya kaitan turunan ti Jampang anu kadituna aya turunan ka Sumedanglarang anu terus muhu ka Rakyan Kuning putra Prabu Borosngora Raja Singacala.
Upami tea mah Raden Alit disebutkeun asalna ti Jampang. Hal ieu oge asup akal, sabab Prabu Borosngora ngecagkeun kaprabuan, satuluyna dina windu katilu bubuara di Jampang Tengah nyebarkeun Agama Islam, jeung ngadegkeun "pasantren" (kuring teu ngagunakeun istilah padepokan) di hulu Walungan Cikaso. Anjeuna katelah Haji Soleh atawa Haji Mulya. Selang waktu, anjeuna mios ka Cipatengah Gunung Rompang, ngadegkeun pasantren kalayan anjeuna katelah Syekh Dalem Sepuh.*)
Nurutkeun tutur ti Kasepuhan Budaya Cianjur, jenengan Aki Dadan yuswa 85 taunan, putra ti Uyut Enggong, saurang Santri (laskar perang) pasukan Raden Haji Alit, ngadadarkeun catios yen Raden Alit masih katurunan Dalem Cikundul. Ari Dalem Cikundul teh ramana Aria Wiratanu I (Bupati Cianjur kahiji). Saurna Raden Alit teh lahir sekitar taun 1679 putra tunggal Aria Wiratanu I ti istri kadua anu jenengan Dewi Amriti. Ari Dewi Amriti teh putrina Patih Karajaan Jampang Mangun (karajaan di suku Gunung Manengel Cianjur).
Aria Wiratanu I ti Istri kahiji kagungan putra dua
(raka Raden Alit sa bapa benten ibu) nyaeta Raden Aria Wiramanggala sareng Raden Aria Cikondang.
Sanaos Raden Alit dilahirkeun di Kapatihan Jampang Mangun, tapi dugi ka yuswa dalapan taun mah dirorok di Kadaleman Cikundul. Anjeuna ngambah kahirupan nuju murangkalih sasarengan dua rakana.
Di Kadaleman Cikundul, Raden Alit digembleng elmu pangaweruh kaasup elmu kanuragan jeung kanagaraan. Nanging Raden Alit langkung ngidolakeun Aria Cikondang, rakana nu ahli kanuragan tur taktik peperangan tibatan ka Aria Wiramanggala, rakana nu ahli kanagaraan.
Malah kudeukeutna ka Aria Cikondang, Raden Alit diwaris 12 strategi militer Jagabaya Pasukan Khusus Pajajaran, anu kapelajari ku Raden Aria Cikondang di Padepokan Jampang. Tah pangaweruh eta, anu kahareupna dipake modal ku Raden Alit jang ngalawan Kumpeni.
Tabeat Raden Alit beda jeung umumna para menak harita. Anjeuna kasohor supel dina gaul, someah ka cacah tur henteu ngabedakeun kasta anu harita galib ngabogaan rasa feodalistik di para menak. Cenah, lantaran menak Prawata daek gaul jeung jalma leutik (alit), anjeuna jadi katelah nami "Raden Alit".
Dina taun 1691, Raden Aria Wiramanggala (raka sabapa Raden Alit) diangkat jadi Bupati Cianjur, ngagentos ramana, kalayan gelar Aria Wiratanu II.
Nuju kalungguhan dicepeng ku Raden Aria Wiramanggala, kabupaten Cianjur aya dina cangkingan langsung kakawasaan Pemerintah Hindia Belanda, margi sakumaha Perjanjian Matatam yen Karajaan-karajan Sunda anu asalna Vazal Mataram dibikeun ka Walanda, diiwal karajaan Banten.
Waktu ngistrenan Raden Aria Wiramanggala janten Aria Wiratanu II, ka kadaleman Cianjur kadatangan Kapten Winckler utusan Pemerintah Hindia Belanda, ngayakeun pengakuan ka Aria Wiratanu II sabage Regent Cianjur. (dicutat ti Reiza D Dienaputra dina Cianjur: Antara Priangan dan Buitenzorg).
Kuayana kaputusan Regent Cianjur (oge regent sejena di tatar sunda) aya dina kakawasaan langsung Pamarentah Hindia Belanda di Batavia, ngakibatkeun ayana kawajiban2 nu mutlak kudu dilaksanakeun ku wilayah-wilayah. Dina waktu harita regent Cianjur kudu nyerahkeun bahan tambang Walirang jeung komoditas tatanen seperti kopi jeung nila ka kumpeni dina jumlah nu tangtu ngaliwatan Agen Verplichte Leverantie nyaeta para penguasa lokal (Bupati sapara kanca).
Dina pelaksanaan dilapangan, mimitina mah Bupati Cianjur nyerahkeun ka raina nyaeta Raden Alit jang nampung barang komoditas hasil tatanen setoran ti rahayat, kitu ditulis ku Nina Lubis dina Makalah nu judulna "Sepenggal Kisah Awal Abad ke 18: Haji Prawatasari versus Kompeni'. Awalna mah Raden Alit ngajalankeun parentah nu jadi raka
Awalna mah Raden Alit ngajalankeun parentah tinu jadi raka nu jeneng jadi Bupati teh kalayan iklas tur mulus. Sabalikna Si Lanceuk mere tugas kanu jadi adi teh henteu sagawayah kitu bae. Aria Wiramanggala teh lain jalma jore-jore dina elmu manajmen pamarentahan. Anjeuna paham kana kaayaan nu jadi adi jadi tokoh agama jeung boga pangaruh nu gede di masyarakat. Sanajan Raden Alit teu jadi Pamong oge, sagala parentahna mah diturut pisan ku masyarakat. Raden Alit dina pandangan Aria Wiramanggala mangrupakeun komponen potensial dina ngajalankeun manajmen pamarentahan bisa ngahontal tujuan na. Ku kituna dina ngajalankeun Preanger Stelsel sangkan sukses, nurutkeun Aria Wiramanggala mah, Raden Alit dipandang paling cocok ngabantu Agent Leverantie hasil tatanen.
Mimiti mah hasil produksi kopi ti Kabupaten Cianjur teh pangonjoyna sa Priangan, tapi lambat laun sistim tanam paksa beuki karasa beuratna ka rahayat. Keluh kesah jeung rasa teu puas ka Sang Bupati anu ngan "memposisikan diri" jadi alat kompeni, mimiti nembrak. Ceuk Nina Lubis: "meskipun ada dalam situasi yang dilematis, tapi akhirnya Prawatasari memutuskan untuk mengajukan usulan dan protes keras ka Aria Wiratanu II.
Tangtu bae usulan Raden Alit teh ditolak mentah-mentah ku Aria Wiramanggala, sabab lamun tea ngabulkeun usulan Raden Alit, tangtu dituduh teu loyal ka kumpeni tur bisa dicopot jabatan na. Sabab dina waktu harita mah "mengangkat dan memberhentikan Bupati" aya dina kakawasaan Gubernur Generaal.
Ku ayana penolakan ti Aria Wiratanu II ngakibatkeun rakyat Jampang Manggung leungit kendali. Rek asup ka taun 1703, nandakeun ayana protes, para petani ngayakeun boikot pengambilan belerang ti kawasan Gunung Gede jeung ngaduruk lahan kebon kopi secara massif. Ahirna Raden Alit jadi tertuduh utama jeung dianggap biang kerusuhan.
Jang nuntaskeun huru-hara nu terjadi di Jampang, Bupati Cianjur ngutus Cakrayuda, tapi kalah jugalan pati jeung Raden Alit. Bupati Cianjur bentu kacida nguping peristiwa kitu teh, lajeng ngerahkeun tentara jang nyerek nu jadi adi. Tapi upaya eta gagal total lantaran Raden Alit dibela mati-matian ku masyarakat Jampang Mangun jeung Cikalong Kulon.
Sejarawan Jan Breman nyebutkeun yen terlibatna Raden Alit kana kancah huru-hara di Cianjur, lain hiji hal nu kabeneran, tapi anjeun na sabage saurang muslim jeung ulama pengembara tangtu boga jaringan luas jeung ulama-ulama fanatik sejenna di tanah Jawa, utamana Jawa Timur ti Giri Kadaton. Sabenerna anjeuna ngahaja dikirim ku ulama Giri ka tatar sunda jang nyiapkeun perlawanan ka Kompeni.
Satutasna aya insiden jeung Cakrayuda, hubungan Cianjur jeung Jampang mangun aya dina situasi anu kritis. Kalayan bantuan Kompeni, Aria Wiratanu II tetep ngincer Raden Alit bisa kacerek. Anjeuna nyiapkeun pasukan jang ngayakeun penyerbuan ka Jampang Mangun. Tapi rencana eta geus leuwih ti heula kaperhitungkeun ku Raden Alit. Anjeuna ngarespon ku ngayakeun mobilisasi umum di kalangan masyarakat Jampang Mangun jeung sabundeureun na. Para pamuda Jampang atawa penduduk lalaki nu masih belejag direkrut jadi pasukan gerilyawan. Hal eta aya sambutan nu hempak ti masyarakat. Sabenerna sanajan teu dipenta oge, rahayat iklas milu berjuang ngalawan kolonialis.
Dina bulan maret 1703, Raden Alit bisa ngarekrut pasukan 3000 urang jadi gerilyawan. Lajeng aranjeuna ngayakeun penyerangan ka tangsi-tangsi tentara kompeni di pusat kota Cianjur, kalayan ngagunakeun taktik lawas kakantunan militer pajajaran. Dorongan emosi jeung semangat anu ngalentab-lentab, pasukan gerilyawan Raden Alit geus teu bisa kaampeuh deui, pergerakan pasukan terus ngarangseg taya kagimir taya kasieun, sumawona lungse kacape.
Akhir Perjuangan Raden Alit.
Dina raraga mobilisasi umum, jeung ngayakeun perlawanan di tatar sunda, Raden Alit sadar yen upaya eta baris nempatkeun dirina dina posisi anu sulit. Dina prak-prakan na serangan anu dilakukeun teh henteu paadu hereupan langsung jeung kompeni, tapi kudu nyanghareupan panguasa lokal priangan anu masih keneh sabangsa kaasup nu jadi lanceukna Bupati Cianjur. Ongkoh Raden Alit nyangkirangan kana sikap pejabat atawa rahayat anu susulumputan ngadukung perjuanganna. Kuayana kitu Raden Alit jeung pasukanna, mindahkeun basis perjuangan ka wilayah Kertanegara di Banyumas.
Pasukan Khusus Pemburu Karaman Kompeni anu ngahaja dibentuk jang ngarengsekeun Perlawanan Raden Alit, gancang-gancang musatkeun perhatian ka Kabupaten Purbalingga.
Dina taun 1706 pasukan kompeni pimpinan Kapten Zacharias Bintang bisa ngungkulan para gerilyawan. Malah pasukan Raden Alit bisa dipukul mundur ti Kartanegara, saterusna nyingkir ka wilayah Bagelen di Purworejo.
Ari nu jadi sabab lemahna nerapkeun strategi gerilya anu anu salila ieu digunakeun ku Raden Alit, lantaran dukungan rahayat di walayah Jawa Tengah teu sakuat di tatar sunda. Satiap Pasukan Raden Alit nyumput jang nyusun kakuatan, aya bae juru telik pribumi nu laporan ka Kompeni.
Sanggeusna pasukan Raden Alit bisa dipukul mundur ti wilayah Kertanegara, Kapten Zacharias Bintang ngadegkeun benteng pertahanan di Kertanegara (dicutat ti Valentijn Zie dina Oud en Niew Oost Indie)
Kapiten Z. Bintang teh salah saurang perwira Kompeni anu kawentar asal Manipa Maluku. Manehna miboga pangalaman perang nu mumpuni. Bareng jeung Kaptain Joncker, Kaptain Z. Bintang milu bertempur di Palembang, Saylon jeung India. Malah pasukan Kaptain Z.Bintang nu didukung 500 prajurit, pernah ngelehkeun pasukan Demak. Pasukan Z.Bintang oge pernah paaduhareupan di medan perang jeung Pasukan Raden Alit tilu taun katukang.
Dina taun 1707, pasukan kompeni pimpinan Z.Bintang nyerang tempat panyumputan Raden Alit di Bagelen, di dasarkeun hasil laporan juru telik nu katarima ku Kompeni. Dina serangan eta Raden Alit katewak hirup-hirup, anu saterusna di bawa ka Kartasura. Ceuk versi Kompeni, cenah Raden Alit dihukum pati di Kartasura. Perlaya di yuswa 28 taun.
Numutkeun Sesepuh Cianjur, carita penangkapan Raden Alit versi kompeni teh ngarupakeun omong kosong pihak walanda semata. Sabenerna Raden Alit teh henteu kacerek hirup-hirup ku Kompeni, jeung henteu di bawa hirup-hirup ka Kertasura. "Jang naon Raden Alit dibawa ka Ibu Kota Mataram, lamun tea mah Raden Alit katewak hirup-hirup, naon sababna teu di bawa ka Batavia", sepuh Cianjur ngajelaskeun semangat pisan.
Sesepuh Cianjur mah percayaeun pisan, yen waktu di serang di Bagelen tanggal 12 Juli 1707, Raden Alit milih ngayakeun pertempuran "habis-habisan". Waktu harita kaayaan kadesak. Prajuritna anu nyesa tinggal 12 urang kaasup Uyut Enggong ramana sesepuh Cianjur tea. Raden Alit marentahkeun pengikutna sangkan nyalametkeun diri masing-masing. Jigana, anjeuna boga pirasat yen azalna baris ngajemput. Lamun anak buahna bisa nyalamekeun diri, tangtu dina hiji waktu bisa neruskeun perjuangan.
Sabelas tina duabelas urang sesa Prajurit Raden Alit nurut kana parentah, ka asup Uyut Enggong, tapi aya saurang anu keukeuh rek ngabarengan Raden Alit rek kumaha bae balukarna. Bumi Bagelen jadi saksi tug ka kiwari. Dua nonoman Sunda ngamuk nguwak ngawik pedang bari teu ngahiding awak nu pinuh tatu, garudawang bari baloboran getih. Ahirna Raden Alit katut rencangna nambru patutumpuk luhureun batu ageung.
Menak Sunda anu masih bujangan ahirna Perlaya. Gugur dina yuswa dua puluh dalapan taun.
Komentar
Posting Komentar